close
Lompat ke isi

Sahadat

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Mangrupakeun bagian tina séri
Kapercayaan Dasar Muslim


BERJAYA
Suni: Rukun Islam

Sahadat - Ngucapkeun kalimah sahadat
Solat - Ngadegkeun solat
Zakat - Ngaluarkeun zakat
Puasa - Puasa di bulan Romadon
Haji - Munggah haji ka Mekah

Suni: Rukun Iman

Taohid - Percaya kana tunggalna Alloh
Nabi jeung Rosul - Percaya ka para nabi jeung rosul
Kutub - Percaya kana kitab-kitab Allah.
Malaikat - Percaya ka malaikat
Kiamat - Percaya kana poé panungtungan
Qodo jeung Qodar - Percaya kana takdir

Siah: Dua belas Poko Ageman

Taohid - Percaya kana tunggalna Alloh
Adalah - Kaadilan
Nubuwwah - Kanabian
Imamah - Kapamingpinan
Qiyamah - Poé panungtungan

Siah: Dua belas Cabang Ageman

Solat - Solat
Puasa - Puasa dina bulan Romadon
Haji - Munggah haji ka Mekah
Zakat - Keur fakir miskin
Khums - Saperlima pajeg
Jihad - Perjoangan
Amar-Bil-Ma'rūf - Nitah kana kahadéan
Nahi-Anil-Munkar - Ngalarang kagoréngan
Tawalla - Micinta Ahlul-Baét
Tabarro - Ngajauhan musuh Ahlul-Baét

Siah Ismaili: 7 Rukun

Walayah - Guardianship
Toharoh - Kasucian jeung kaberesihan
Solat - Solat
Zakat - Nyucikeun harta
Puasa - Puasa dina bulan Romadon
Haji - Munggah haji ka Mekaha
Jihad - Berjoang

Siah Druze: 7 Rukun

Sahadat - Ngucapkeun kalimah sahadat
Solat - Solat
Zakat - Mayar zakat
Puasa - Puasa dina bulan Romadon
Haji - Munggah haji ka Mekah
Walayah - Guardianship
Jihad - Berjoang

Séjénna

Salafi/Khawarij: Tujuh rukun Islam.

Kotak ieu: temposawalaédit

Sahadat atawa Syahadat jeung Syahadah (شهادة  Citakan:ArTranslit) (basa Turki: Şehadet) nyaéta hiji kalimah pangakuan kayakinan Islam. Dina basa Arab, hartina "nyaksénan" atawa "méré kasaksian".[1] Sahadat mangrupa nembrakeun kapercayaan kana tunggalna Gusti (Allah dina basa Arab) sarta yén Nabi Muhammad minangka utusan pangahirna. Maca dua kalimah sahadat mangrupa salah sahiji tina Lima Rukun Islam dina Islam Sunni.

  • لآ اِلَـهَ اِلاَّ لله محمد رسول الله
  • lā ilāhā illā-llāh; muḥammadun rasūlu-llāhi
  • Teu aya pangéran anging Allah; sarta Muhammad rosul Allah.


Hiji kalimah anu diucapkeun daria kalayan pinuh kajujuran, di hareupeun dua urang muslim salaku saksina. Ieu cukup pikeun salasaurang anu hayang jadi umat Islam, sahenteuna ieu anu diajarkeun di sakola tradisional atawa traditional schools.[1]


Sababaraha Muslim syiah nambahkeun Alīyun wali Allah (Ali hartina wakil Allah) di tungtung kalimah syahadat. Ini henteu wajib pikeun Syi'ah; ini mah saukur pilihan pribadi, sanajan kalolobaan Ayatollah yebutkeun leuweuh hadé nambahkeumna.

Sajarah

[édit | édit sumber]

"Salah sahiji tarjamahan Syahadat pangmimitina anu salamet (masih aya) kana basa deungeun nyaéta dina Basa Yunani, asalna tina mangsa kakuasaan al-Walid I (86-96 Hijriah, 705-715 Maséhi): Οὐκ ἔστι[ν θεὸς εἰ μὴ ὁ θεὸς μόνος·] Μααμὲ[τ ἀπόστολος θεοῦ] (Ouk esti[n theos ei mē ho theos monos;] Maame[t apostolos theou]). 'Teu aya dewa iwal ti Gusti anu tunggal; Muhammad nyaéta Rasul Allah', hartosna 'Allah' ditarjamahkeun salaku 'Gusti' (God)."

Kaayaan Sahadat

[édit | édit sumber]

Aya tujuh sarat utama supados syahadat saurang hamba dianggap sampurna:[2]

  • Al-`Ilm: Kanyaho ngeunaan harti syahadat, naon anu ditolak sarta naon anu ditetepkeunana.
  • Al-Yaqeen: Kayakinan – kanyaho anu sampurna anu ngaleungitkeun rasa mamang sarta ragu.
  • Al-Ikhlaas: Kaikhlasan anu nolak syirik.
  • Al-Sidq: Kajujuran anu henteu méré tempat pikeun kabohongan atawa kamunafékan.
  • Al-Mahabbah: Kacinta kana syahadat sarta hartina, sarta ngarasa bagja ku ayana éta kalimah.
  • Al-Inqiad: Katundukan kana sagala katangtosanana, nyaéta kawajiban-kawajiban anu kudu dilaksanakeun kalayan ikhlas mung karana Gusti pikeun milari karidhaan-Na.
  • Al-Qubool: Panarimaan anu nolak kana sagala bentuk panolakan.

Bandéra

[édit | édit sumber]

"Sababaraha bandéra nagara nembongkeun kalimah Syahadat:

Pamakéan Bandéra Syahadat

[édit | édit sumber]

Ieu di handap mangrupikeun rupa-rupa bandéra anu ngagunakeun kalimah Syahadat salaku lambang utamana:

Perbédaan

[édit | édit sumber]

Variasi Shahadah

[édit | édit sumber]

Biasana, dianggap bener pikeun nyebutkeun para inohong nu ti heula, kayaning para nabi saperti Isa Al-Masih, salaku utusan atawa rasul. Sababaraha golongan (utamana kaum Sufi) sok nambahkeun éta deklarasi ku nyebutkeun nabi-nabi nu tos aya sateuacanna, nu ngaranna kaunggel dina Al-Qur'an.[3]

Aya mangsana kecap اشهد ان 'ašhadu 'an (kaula nyaksi yén) ditambahan di payuneun unggal kalimah Shahadah. Kitu ogé kecap و wa (jeung) sok ditambahkeun dina awal kalimah kadua.

Sawareh leutik tina golongan nu sok disebut "Muslim Al-Qur'an Hungkul" (Quran Alone), boga pamadegan yén bagian kadua Shahadah téh kurang merenah. Maranehna nganggap ngaran Muhammad teu kudu dibawa-bawa, salah sahiji alesanna nyaéta dumasar kana fakta yén kalimah Shahadah anu lengkep nganggo ngaran Muhammad téh taya tapakna (teu aya) dina naskah Al-Qur'an.[4]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 bin Hashim, Profesor Emeritus Dato` Isahak Haron, Ibrahim (2016). Pahami Bacaan Shalatmubin Hashim, Profesor Emeritus Dato` Isahak Haron. Jakarta, Indonesia: Noura Books. hlm. 6. ISBN 9786023850037. Disungsi22 Peb 2022
  2. Al-Qahthani, Said bin Ali. (2010). Syarah Aqidah Washitiyah.
  3. Johns, Anthony H. (2006). The Qur'an: An Encyclopedia. Routledge. hlm. 590–591.
  4. "The True Shahada". Diaksés tanggal 2026-03-12.
Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
Solat Saum
Zakat Haji
Kota Penting
Mekah Madinah
Yerusalem Kufah
Kajadian
Hijrah Kalénder Islam Idul Fitri
Idul Adha Maulid
Wangunan
Masjid Munara
Mihrob Ka'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'an Hadits Sunnah
Fiqih Fatwa Syari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Tumbu luar

[édit | édit sumber]