close
Lompat ke isi

Sunnah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Sunnah (Arab: سنة sunnah, hartina "arus nu lancar jeung gampang" atawa "jalur aliran langsung") dina Islam nyoko kana sikep, tindakan, kekedalan, jeung cara rasulullah ngalaksanakeun kahirupan atawa garis-garis bajoang (tradisi) anu dilaksanakeun ku rasulullah.

Sunnah mangrupa sumber hukum kadua dina Islam, sanggeus Al-Quran. Narasi atawa informasi anu ditepikeun ku para sahabat ngeunaan sikep, tindakan, kekedalan, jeung cara rasulullah disebut hadis. Sunnah anu diparéntahkeun ku Allah disebut sunnatullah (hukum alam).

Étimologi

[édit | édit sumber]

Sunnah (سنة ˈsunnah, plural سنن sunan) nyaéta kecap basa Arab anu hartina "kabiasaan" atawa "biasa dilaksanakeun".[1] Sacara istilah sunnah nyaéta jalan anu dipilih ku rasulullah jeung para sahabatna, boh patali jeung élmu, kayakinan, kekedalan, paripolah, atawa kaputusan. Kaum nu yakin kana Sunni ogé disebut Ahl as-Sunnah wa'l-Jamā'ah ("jalma-jalma tina tradisi jeung kaum (Muhammad)") atawa Ahlussunnah keur singgetanana.

Jinis-jinis Sunnah

[édit | édit sumber]

Dumasar kana asal-muasalna tina diri Rasulullah SAW, para ulama ahli ushul fikih ngabagi sunnah kana tilu jinis utama:[2]

  • Sunnah Qauliyah nyaéta sakur anu diucapkeun ku Rasulullah SAW, mangrupa paréntah, larangan, atanapi piwuruk ka para sahabatna.[3] Contona nyaéta hadits-hadits anu nerangkeun ngeunaan niat sarta paréntah pikeun kurban.[4]
  • Sunnah Fi'liyah nyaéta sakur anu dipilampah atanapi dicontoan ku Rasulullah SAW anu katingal langsung ku para sahabat, saperti tata cara wudu sarta sholat.[5] Dina bab kurban, ieu ngawengku conto ti Rasulullah nalika anjeunna meuncit sato kurbanna ku panangan nyalira.[6]
  • Sunnah Taqririyah nyaéta ketak atanapi ucapan sahabat anu katingal atanapi kadangu ku Rasulullah SAW, nanging Rasulullah SAW médép (cicing) sarta henteu nyaram, anu nandakeun yén hal éta dimeunangkeun.[7]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Sunnah Archived 2010-12-05 di Wayback Machine
  2. Al-Ghazali, Al-Mustasfa fi 'Ilm al-Ushul, Jilid 1, kc. 212.
  3. As-Suyuthi, Tadrib ar-Rawi fi Syarh Taqrib an-Nawawi, Jilid 1, kc. 42.
  4. Shahih Bukhari, Kitab al-Iman, No. 1.
  5. Al-Amidi, Al-Ihkam fi Ushul al-Ahkam, Jilid 1, kc. 169.
  6. Shahih Muslim, Kitab al-Adhahi, No. 1966.
  7. Ibnu Amir al-Hajj, At-Taqrir wa at-Tahbir, Jilid 2, kc. 231.

Tumbu luar

[édit | édit sumber]
  • (id) Ensiklopedi Sunnah 9 Kitab Imam Hadis Archived 2021-02-26 di Wayback Machine
  • Al-Amidi, Saifuddin. Al-Ihkam fi Ushul al-Ahkam. Beirut: Dar al-Kitab al-Arabi.
  • Al-Ghazali, Abu Hamid. Al-Mustasfa fi 'Ilm al-Ushul. Beirut: Dar al-Kutub al-Ilmiyah.
  • As-Suyuthi, Jalaluddin. Tadrib ar-Rawi fi Syarh Taqrib an-Nawawi. Kairo: Dar al-Hadits.
  • Ibnu Amir al-Hajj. At-Taqrir wa at-Tahbir fi 'Ilm al-Ushul. Beirut: Dar al-Fikr.